HUMOR - HUMORan
Sunday, 17 April 2016
Teu Make BH
Sumber :Teu Kauninga
Guru : "Mumuun....! Tulisan naon nu aya dina suku garuda, sok tuliskeun dina papan tulis!"
Si Mumun maju terus nulis dina papan tulis " BINEKA TUNGGAL IKA", nempo kitu guruna gogodeg, sabab lain BINEKA tapi BHINEKA dimimitian ku BH.
Guru : "Naha teu make BH??" bari molotot
diomongan kitu, Mumun buru-buru nyabak dadana, sabab manehna memang teu make BH, puguh we manehna rewaseun.
Mumun : "Naha bapa terang??"
Guru : "Nya nyaho atuh!! da katempo!! sok benerken ayena!!!" ceuk guruna tambah molotot.
Mumun : "hiks...hiks...(ramisak) Isin atuh pa...., piraku ngalereskeunna didieu..." ceuk mumun bari ceurik.
Guru : "Nya heueuh kudu ayeuna...! naha atuh kunaon teu make BH???"
Mumun : "Teu acan gariing pa BH na...., nuju dipoe keneh....,hiks....hiks....". lumpat bari ceurik...
Guru Bengooong.......
Latah Pisan
Sumber :Teu Kauninga
Kacaritakeun aya hiji jelema nu latah kacida...
harita manehna keur gawe, jadi mandor bangunan di lantai 19..., keur ngenah gawe ujug-ujug aya jelema kaluar tina lift bari ngagorowok "Pa Dediii...anak bapak yang perempuan meninggal karena kecelakaan!!"...
Atuh ....Jol ceurik manehna teh ngagoak sabari rawah riwih... trus gajleung wae manehna luncat ti lantai 19..
"Tidaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaakkkkk........"
Sedih kacida nu ngaran bapak kaleungitan budak nepi ka mutuskeun bunuh diri..., ngagajleng ti lantai 19...
.
.
.
.
.
.
.
Awakna murag kokoleangan ka handap...
.
.
.
Dina jalan ragrag teh...nepi lantai 10 manehna mikir "Perasaan da uing mah teu boga budak awewe.........."
.
.
.
.
.
Teruuuuuuuus Muraaaag.....
.
.
.
Nepi lantai 7 manehna kerung...mikir... "Rarasaan kawin oge acaan....................."
.
.
.
.
Teruuuuuuuus Muraaaag.....
.
.
.
Nepi lantai 4 manehna molotot.. "Rarasaan ngaran aing mah lain Dedi..............................."
Hejo Langit
Sumber :Teu Kauninga
Komandan : "kijang hiji kijang dua, kumaha kondisi lapangan??..ganti..
Sersan : "Bom tos di payuneun, komandan nyuhunken instruksina???"
Komandan : "Okeh sersan, fokus kana bom. sabaraha menit deui waktuna???"
Sersan : "Ayeuna 00:05:15 ngitung mundur."
Komandan : "Aya waktu lima menit, ayeuna buka tutup bom na!! aya sabaraha kabelna???"
Sersan : "Aya opat"
Komandan : "Teukteuk kabel hejo, san!!."
Sersan : "Siap ndan.." (kreuk neukteuk kabel)
Komandan : "Paeh bomna san???"
Sersan : "henteu, ndan waktu mundurna tambih enggal..."
Komandan : "Nu diteukteuk warna naon kitu???????"
Sersan : "Hejo, ndan.............."
Komandan : "Teu salah neukteuk San???"
Sersan : "Yakin nu hejo ndan"
Komandan : "Warna naon wae nu nyesa???"
Sersan : "Beureum, Hideung, Hejo....."
Komandan : "Naha aya keneh kabel Hejo...........???????????"
Sersan : "Kabel hejona aya dua ndan.... Hejo Kolot sareng Hejo Langit."
Komandan : "Aaaaah.... Gelo Siah!!!.... Langit mah Biru Goblog, Lain Hejo..!!"
Sersan : "Di kampung abdi mah da hejo..................."
Komandan : "Kumaha sia we lah..., nu di teukteuk warna Biru hartina waktu ngabeledug tereh......."
Sersan : "Siap!...nampi instruksi salajengna.... (hariweus-weus) kondisi darurat ndan....limalas detik deui bom ngabeledug...ukeun parentah..!!!"
Komandan : "Okeh...., ayeuna tuturkeun omongan kuring.....!"
Sersan : "Siaap..., Ndan,,,,,"
Komandan : "LAILLAHAILALLAAAH....................".
Buka Heula Atuh Helm Motorna
Sumber :Teu Kauninga
Ucup diuk sorangan di Bar... teu lila, babaturanna nu ngarana Sule asup ka kafe bari nangkeup 5 awewe nu gareulis..., tuluy diuk, gayana jiga bos raja minyak, heureuy cakakakan bari bolak balik cipika cipiki, nyieun panas hate...
Ucup ngabatin, "Iraha nasib urang teh jiga Sule, boro-boro lima awewe, hiji wae teu gableg..
Pas Sule leumpang ka bar, Ucup aya kesempatan nanya: "Le...,kumaha carana maneh teh bisa ngagaet lima awewe nu garelis kitu?..."
Sule : "Ulah dicaritakeun ka sasaha nyaa...ku urang di bejaan rahasiana...kadie urang harewoskeun..., mun maneh datang kadieu deui, samemeh diuk, alungken gantungan konci mobil kana meja bar, pasti awewe-awewe ngadatangan maneh..."
Ucup : "Tapi urang teu boga mobil, ngan boga motor butut nu knalpotna sok colplok tea..."
Sule : "Maneh mah ngan perlu gantungan konci mobil. Yeuh deule ku maneh, urang boga gantungan konci Jaguar. Ngan ieu wungkul modal na..."
Isuk Peutingna,... Ucup bari patantang petenteng asup ka kafe..., Sule geus aya di kafe, diuk bareng tilu awewe nu gareulis...
Ucup langsung ka Bar bari ngalungken konci Ferrari ka meja bar... euweuh reaksi saeutik oge...
Konci di cokot deui, tuluy disakuan...keur aya awewe ngaliwat, konci di alungken deui ka meja bar..., eweuh reaksi deui, malahan diseungserikeun...
Sule nu titatadi nempo kalakuan Ucup, langsung ngadeukeutan...,
bari ngaharewos : "Maneh teh kumaha.....?, mani belegug pisan..., BUKA HEULA ATUH HELM MOTORNA...!!!!"...
Subscribe to:
Posts (Atom)



