Sunday, 17 April 2016

Buka Heula Atuh Helm Motorna


Sumber :Teu Kauninga

Ucup diuk sorangan di Bar... teu lila, babaturanna nu ngarana Sule asup ka kafe bari nangkeup 5 awewe nu gareulis..., tuluy diuk, gayana jiga bos raja minyak, heureuy cakakakan bari bolak balik cipika cipiki, nyieun panas hate...

Ucup ngabatin, "Iraha nasib urang teh jiga Sule, boro-boro lima awewe, hiji wae teu gableg..
Pas Sule leumpang ka bar, Ucup aya kesempatan nanya: "Le...,kumaha carana maneh teh bisa ngagaet lima awewe nu garelis kitu?..."

Sule : "Ulah dicaritakeun ka sasaha nyaa...ku urang di bejaan rahasiana...kadie urang harewoskeun..., mun maneh datang kadieu deui, samemeh diuk, alungken gantungan konci mobil kana meja bar, pasti awewe-awewe ngadatangan maneh..."

Ucup : "Tapi urang teu boga mobil, ngan boga motor butut nu knalpotna sok colplok tea..."

Sule : "Maneh mah ngan perlu gantungan konci mobil. Yeuh deule ku maneh, urang boga gantungan konci Jaguar. Ngan ieu wungkul modal na..."

Isuk Peutingna,... Ucup bari patantang petenteng asup ka kafe..., Sule geus aya di kafe, diuk bareng tilu awewe nu gareulis...

Ucup langsung ka Bar bari ngalungken konci Ferrari ka meja bar... euweuh reaksi saeutik oge...

Konci di cokot deui, tuluy disakuan...keur aya awewe ngaliwat, konci di alungken deui ka meja bar..., eweuh reaksi deui, malahan diseungserikeun...

Sule nu titatadi nempo kalakuan Ucup, langsung ngadeukeutan...,
bari ngaharewos : "Maneh teh kumaha.....?, mani belegug pisan..., BUKA HEULA ATUH HELM MOTORNA...!!!!"...

No comments:

Post a Comment