Sunday, 17 April 2016

Hejo Langit



Sumber :Teu Kauninga
Komandan : "kijang hiji kijang dua, kumaha kondisi lapangan??..ganti..

Sersan : "Bom tos di payuneun, komandan nyuhunken instruksina???"

Komandan : "Okeh sersan, fokus kana bom. sabaraha menit deui waktuna???"

Sersan : "Ayeuna 00:05:15 ngitung mundur."

Komandan : "Aya waktu lima menit, ayeuna buka tutup bom na!! aya sabaraha kabelna???"

Sersan : "Aya opat"

Komandan : "Teukteuk kabel hejo, san!!."

Sersan : "Siap ndan.." (kreuk neukteuk kabel)

Komandan : "Paeh bomna san???"

Sersan : "henteu, ndan waktu mundurna tambih enggal..."

Komandan : "Nu diteukteuk warna naon kitu???????"

Sersan : "Hejo, ndan.............."

Komandan : "Teu salah neukteuk San???"

Sersan : "Yakin nu hejo ndan"

Komandan : "Warna naon wae nu nyesa???"

Sersan : "Beureum, Hideung, Hejo....."

Komandan : "Naha aya keneh kabel Hejo...........???????????"

Sersan : "Kabel hejona aya dua ndan.... Hejo Kolot sareng Hejo Langit."

Komandan : "Aaaaah.... Gelo Siah!!!.... Langit mah Biru Goblog, Lain Hejo..!!"

Sersan : "Di kampung abdi mah da hejo..................."

Komandan : "Kumaha sia we lah..., nu di teukteuk warna Biru hartina waktu ngabeledug tereh......."

Sersan : "Siap!...nampi instruksi salajengna.... (hariweus-weus) kondisi darurat ndan....limalas detik deui bom ngabeledug...ukeun parentah..!!!"

Komandan : "Okeh...., ayeuna tuturkeun omongan kuring.....!"

Sersan : "Siaap..., Ndan,,,,,"

Komandan : "LAILLAHAILALLAAAH....................".

No comments:

Post a Comment