Sunday, 17 April 2016

Teu Make BH





Sumber :Teu Kauninga

Guru : "Mumuun....!  Tulisan naon nu aya dina suku garuda, sok tuliskeun dina papan tulis!"

Si Mumun maju terus nulis dina papan tulis " BINEKA TUNGGAL IKA", nempo kitu guruna gogodeg, sabab lain BINEKA tapi BHINEKA dimimitian ku BH.

Guru : "Naha teu make BH??" bari molotot

diomongan kitu, Mumun buru-buru nyabak dadana, sabab manehna memang teu make BH, puguh we manehna rewaseun.

Mumun : "Naha bapa terang??"

Guru : "Nya nyaho atuh!! da katempo!! sok benerken ayena!!!" ceuk guruna tambah molotot.

Mumun : "hiks...hiks...(ramisak) Isin atuh pa...., piraku ngalereskeunna didieu..." ceuk mumun bari ceurik.

Guru : "Nya heueuh kudu ayeuna...! naha atuh kunaon teu make BH???"

Mumun : "Teu acan gariing pa BH na...., nuju dipoe keneh....,hiks....hiks....". lumpat bari ceurik...

Guru Bengooong.......

No comments:

Post a Comment